Minggu, 10 Mei 2009

BUTA HEJO HAYANG BOGA OROK


Dina jaman modern kiwari aya karisi. Ceunah bakal turun ka dun-ya sajodo buta raksasa. Ceuk dina dongeng kalakuan jeung pasipatanana digambarkeun matak pikasieuneun, kukolot baheula sok jadi kacapangan babasan eta sok dipake nyingsieunan budak ogo, pokna teh : "Jep, repeh tong ceurik. Lamun ceurik engke ku Ema dibikeun ka Buta Hejo, geura !" kontan budak anu keur ceurik teh repeh bari nyu'uh kana susu indungna, sigana baee meureun sieuneun dibikeun ka Buta Hejo.
Tapi dina jaman modern kiwari, eta jirim atawa bungkeuleukna Buta Raksasa anu katelahna Buta Hejo tea, moal aya da eta mah mung dina dongeng. Ari dongeng tea pan sok jauh kaenya, ngan kalakuan Buta Hejo sok ditariron ku manusa.
Pasipatan Buta Hejo digambarkeunana pikasieuneun, biwir calangap sihung jeung huntuna barijil kaluar, buuk ngarewig, panon bolotot, ari leumpang sok tetenjrang jebras jebris sonder permisi atawa punten, teu batur asal aing malah teu wawuh jeung tatangga.
Buta Hejo kadaharanana sok ruwal rawel, naon bae anu katingali teuing bogana saha sok dirawel. Buta Hejo teu kaasup makhluk sosial. Malah kungsi ceunah barang anu mitohana oge dirawel.
Mang Odoy harita anu keur nyangheuy ngabandungan dongeng Bapa Mantri, curinghak kulantaran ngadenge kecapan "Barang anu mitohana sok dirawel." terus malik nanya bangun panasaran hayang nyaho. "Buta Hejona awewena atawa lalakina?" bari seuri, ceuk dina pikirna meureun anu barang sok disensor dina film tea.
"Jigana bae anu sok ngarawel barang mah, Buta Hejo awewena, Doy!." saur pa Mantri ka mang Odoy bari ngakekek seuri.
"Jadi Buta Hejo oge boga mitoha, nya?" tanya mang Odoy deui ka Pa Mantri.
"Ari nikahna, kumaha?"
"ih...komo we bogaeun...atuh." jawab pa Mantri nembalan.
"Ari nikahna, kumaha..?"
"Nya, nikahna mah sarua jeung urang, diwalian sagalarupa. Doy...."
"Ooh...kitu, nya..." ceuk Mang Odoy bari unggut-unggutan, terus nanyakeun deui bangun heran jeung panasaran, sok hayang nyaho tuluyna : "Ari Buta Hejo teh, sok anakan tara?"
"Iih...komo wae, aranakan, tapi eta oge aya anu teu bogaeun anak kawas Mang Odon ayeuna. Gajih gede tapi hirup sosorangan wae, teu boga pamajikan, sumamowa boga anak. Da anak teh ku ayana pamajikan, lain kitu Mang Odon."
pa Mantri balik nanya.
"sumuhun leres, Pa Mantri...."
Tah ayeuna urang tuluykeun deui dongengna. Mang Odoydiukna beuki deukeut ka Pa Mantri.
harita keur jaman pagebug ku panyakit di kampung di kota kabeh katarajang panyakit ararateul, teu kolot, teu budak kabeh gegetret, teu tukang cendol, teu tukang bajigur, teu tukang surabi, teu tukang beca, teu pajabat tinggi, teu bawahan, teu dokter, teu mantri, teu pilih bulu kabeh katarajang panyakit ateul.
Ceunah ceuk beja ku heabna emutan sang bojo Buta Hejo, sapuluh taun rarabi teu acan gaduh putra bae, manehna hayang boga anak. Tah, emutanana baluweng nepikeun ka pagetreng jeung anu jadi salakina. Pagetrengna Buta Hejo ngabalukarkeun manusa nu aya di alam dun-ya baroga panyakit arateul alias gegetret.
Nya harita salaki jeung pamajikan paguneman catur atawa musawarah. Ceunah hayang boga orok mah, urang neangan bae ka alam dun-ya. Nya harita salaki jeung pamajikan Buta Hejo teh arindit turun ka alam dun-ya, neangan orok rek dijadikeun anak pulung atawa anak angkat.
Ngan, niat Buta Hejo teh kaburu kanyahoan ku manusa. Matak guyur salelembur matak ear sajajagad, jadi sabiwir hiji. Tukang bajigur cul tanggunganana, tukang macul ngalungkeun paculna, pa guru ninggalkeun muridna di kelas, pagawe kantor ngadak-ngadak baralik isuk keneh, sasari sok milu apel beurang, harita mah teu arapel beurang, da inget boga orok sieun dipaling ku Buta Hejo.
Saban malem juma'ah jeung malem salasa, teu sarare miketan anu jadi anakna, sieun kacolongan ku Buta Hejo. Unggal panto imah marake panyinglar, kapur tulis dipake nyoretan panto, sangkan Buta Hejo teu wani asup ka jero imah.
Tapi Buta Hejo tetep keyeng hayang nyokot orok manusa, ngan meureun can apal anu kumaha rupa jeung pangadegna anak manusa teh.
Kabeneran harita aya manusa anu keur mandi di sisi leuwi, bulucun teu di baju sumamowa make calana, estuning buligir euweuh hahalang.
Buta Hejo ningali aya nu keur mandi di sisi leuwi ngajleng, pasir urug, tangkal kai rarungkad dirumpak ku Buta Hejo. Terus anu keur mandi tea dirawu, kabayang sapuluh taun tea hayang boga orok, kari-kari kalaksanakeun.
Anu keur mandi tea, di ais bari celepot-celepot diciuman terus ditimbang, pokna teh : "Mang timang-timang eu-eu. Orok teh can waosan, ari tititna mah tos janggotan".
"jigana bae Doy! anu keur mandi di sisi leuwi teh lain orok, tapi aki-aki". ceuk Pa Mantri ka Mang Odoy.
Mang Odoy anu keur ngadengekeun dongeng, seuri ngabarakatak, panona cirambay bakating ku asek-asekanana.
Kabeh sakur anu aya di Kantor Sakola milu sareuri akey-akeyan.
"Edaaas......! Pa Mantri mah ari tos ngarahul teh meni teu kireum-kireum." saur bu Tuti Sumiati, bari nyusutan cipanona.
"Enya, pek wae bayangkeun jeung matak kaciptawe deuih, aki-aki lemong euweuh huntuan disangka orok, tapi etana....? he...he...he...he...". Pa Mantri ngaleos indit kaluar bari seuri.

carita ti bapa TatangSuryana




1 komentar: